Kamis, 31 Desember 2009

KANG ACIL BIMBO : “ NGAJAGA LEMBUR “


Kab. Bandung ( LINTAS NEWS ) – Dina sawatara katukang poe Salasa ( 29/12/2009 ), Kang Acil turut ka Desa Cibodas Kacamatan Pasirjambu, dina raraga silaturahmi. Sabab, nurutkeun Kang Acil silaturahmi ayeuna mahal ( hese ). Ieu kagiatan ngandung tujuan anu gede hikmahna keur balarea, kumaha kuduna nyanghareupan taun 2010 nu bakal datang. Urang salaku pribumi sunda pituin geus nepi kana bahasa “ Jati Kasilih Ku Junti “.
Kang Acil dibarengan ku sobat medokna diantarana, Mahyar jeung Kang Lili Muslihat ti KPJB katut barudak anggotanya kalawan rea-rea deui. Dina eusi eta gempungan nyawalakeun sababaraha masalah anu baris dilaksanakeun anu sagancang – gancangna. Nyaeta lahan atawa lemah anu kritis ku ayana “parambah leuweung” anu akibatna loba banjir, longsor, anu ngajadikeun boga julukan ceuk Kang Acil “ Kabupaten juara banjir katut longsor “
Kang Mahyar boga garapan dina bidang pupuk alami anu kacida alusna mangfaat teu matak ngarugikeun nu lian.
Eyang ( Memet Hamdan ) salaku pribumi di Padepokan KAUTSAR kacida bungahna ku ieu kagiatan di padepokan, sabab Eyang geus hese beleke ngawangun kalawan anu langsung mere conto ka masarakat dina raraga nyumponan ngahejokeun ieu patempatan anu asalna gersang. Eyang ngarasa boga tanggungjawab, kalingkungan jeung ngaberdayakeun masarakat anu teu boga gawe atawa kasab jeung nu oga kasab tapi teu nyukupan pikeun kahirupan sapopoena.
Eyang ti mimiti pendekar ngurus sababarha perguruan silat kalawan ngamumule eta seni budaya boga rasa ieu seni nu urang kusaha deui lamun lain kun u boga na dimumule, nepi ka Eyang pendiri, perintis BBC ( Buah Batu Corps ), diteruskeun ayeuna ka pelopor peduli lingkungan di Padepokan Kautsar, tina gersang jadi hejo lembok tumaninah matak betah tur jadi deukeut ka Sang Khalik, nu nyipyakeun alam katut eusina.
Rupa – rupa bibinihan tina kai anu langka tepika pepelakan pikeun ubar, pantegna di padepokan Eyang kacida kumplitna kalawan Eyang dina waktu anu teu lila boga garapan gawe bareng anu legana 15 hektar baris dihejokeun kitu ceuk Eyang dina eta kasempetan anu disaksikeun ku Binmas Desa Cibodas Polsek Pasirjambu dilengkepan ku Ulis Cibodas A. Syaripudin salaku pribumi oge diluuhan ku Kades Cisondari Rudi, oge ku tokoh Agus Cino, oge teu kakantun ti pemudana Kang Feri. Dina acara nu bakal datang Kades Cisondari mere kasempetan pikeun gempungan supaya dilaksanakeun di aula Desa Cisondari.
Saterusna Eyang boga pamandegan anu kacida pancegna dina nyumponan ngahejokeun lahan gersang nepi kapara pagawena diwajibkeun unggal poe melak sapuluh tangkal.
Eyang ngaku ngarasa jadi generasi anu gagal, sabab sawatara katukang henteu bener – bener ngamangfaatkeun waktu pikeun kapentingan anu sifatna keur balarea, sanajan aya garapan anu geus dilaksanakeun nyaeta jadi aktifis di sababaraha organisasi.
Eyang ngaharepkeun ka para pamuda, sangkan dina saat ayeuna bener-bener ngagunakeun waktuna.( Asep Darmawan )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar